SANGHYANG
JEUNG DANGIANG
Aya hiji Prabu Baladewa
anu embung pisan jeung nyegah pisan kana peperangan nyaeta Baladewa. Gaduh rayi
nyaeta Batara Kresna. Sabenerna anjeunna henteu nolak takdir atawa kudrat Hyang
Dewata. Ning gara-gara Pandawa jeung Kurawa pasea, kaayaan alam dunya oge jadi
miluan paranas harengreng sanajan aya wae perang papaseaan henteu aya eureunna,
ditambah lobana panyakit nu ngalanda kamana-mana, loba kagawatan di eta
wilayah. Sifat sarakah narekab kamana-mana. Hayanag ngawasaan eta wilayah. Akhirna
silih caplok, silih ngadu domba, jeung ngagogorengkeun antar kaduana. Atuh
korbanna saha deui upama lain kaum lemah mah, nu teu nyaho nanaon, rahayat
leutik, teu boga kakuasaan nanaon.
“Kuduna mah Kresna the
apal tiheula, tapi buktina meuni bodo teu paduli, teu bisa nyaho jeung ngarti
kaayaan alam dunya nu sakitu gawatna, matak bisi digugat ku batur, mending ku
aing lanceukna. Detik ieu keneh geura ecagkeun eta gelar Batar!” saur Baladewa
kecewa ka Batara Kresna.
“Punten Kakang Prabu,
gelar nu dipake ku tuang rayi the estuning paparin dewa, janten teu tiasa kitu
bae diecagkeun. Sagala kaputusanna kumaha ka kersa dewa, khususna Hyang Otipati
jagatna Batar Guru Raja Triloka.”
“Mun teu bisa kitu
buktikeun atuh, yen jalma the wawakil dewa di dunya sarua.” Jeung sesebutna
“Sri Batara Kresna!”
“Kumaha cara
ngabuktikeunna?” Kresna naros ka Baladewa sanajan heraneun.
“Carana, kudu
ngalakukeun supaya alam dunya tentrem damai, Sanghyang jeung Dangiang kudu
ngahiji!”
“Naon maksudna?”
“Resi Dorna ulah aya di
Astina, teuing kumaha carana kudu pidah ka Amarta!”
Ngadangu parentah Tuan
Prabu Baladewa, Kresna ngahuleng sakedap. Meuni nyeletuk kana hatena, jawabanna
anjeunna nyalira : naha nyampe kana kayakinan tuang raka, tapi boa enya,
gerentesna. Buktina Pandawa jeung Kurawa, hese pisan diakurkeunna, jiga we
kawas ucing jeung anjing mani hese dihijikeun. Kitu deui emutna gentos ka
karaguan. Nya kitu deui sarua jeung kajadian Marcapada, keneh-keneh kersaning
jagat Dewata. Paralun gara-gara Sanghyang jeung Dangiang papisah beda wilayah
nagara.
“Jadi, kumaha sanggup?
Mun teu sanggup, geura ecagkeun ayeuna keneh eta gelar Batara the!” Baladewa
ngambek bari tutunjuk.
“Sanes soal sanggup
atanapi henteu. Naming naha leres sababna alam dunya sok getreng harengheng the
gara-gara Sanghyang Ismaya (Semar nu ayana di Karang Tumaritis) jeung Dangiang
Dorna (anu aya di Sokalima, Astina) papisah beda nagara?”
“Ulah loba ngomong,
sanggup atawa henteu?” Baladewa beuki ngambek.
“Sakali deui hapunten,
rupina tuang rai moal tiasa nyumponan eta parentah the.”
“Teu nanaon, ngan sing
boga ka era bae, jeung ulah haying dipaksa, ayeuna keneh ecagkeun eta gelar
Batara the, leuwih hade Kresna ulah aya di dunya.”
“Naha jadi kadinya
lumpatna?” saurna Kresna kaget ningali Prabu Baladewa ngagegesek dampal
panangan kiwa jeung tangent.
“Nanaonan kakang eta
the” niatna bade ngahalangan nu dilakukeun rakana hanjakal teu kaboro, sanajan
tina dampal pananganna Prabu Baladewa kaburu aya cahaya caang pikaserabeun,
ditambah burinyayna jiga kilat tanda pakarang sakti nenggala. Sumping nyumponan
pangangkir dununganna.
“Nu terakhir sanggup
atawa henteu, ngahijikeun Sanghyang jeung Dangiang?” kituna the bari nonjok
congo nenggala kanu dadu Kresna.
Kresna kacida
reuwaseunnana, anjeunna teu uninga, kumaha kasaktian nenggala, eta kasaktian
the kuat pisan, sanajan ukur kaliwatan kuatna, gunung urug laut saat, batu
ancur, tatangkalan rarungkad. Prabu Baladewa dipeupeujeuhan ulah ngagunakeun
sadaekna eta kasaktian, tapi pikeun mayunan anu jahat, nu teu teurak ku pakarang
sejen, nenggala kakara meunang dipake.
“Kakang nanaonan ieu
the? Simpen deui, kumaha lamun ngabahayakeun tuang rai?”
“Naon gunana Kresna
hirup, batan diwiwirang ku batur ngan dianggap Batara ukur ngaranna bae,
mending dipaehan ku aing lanceukna. Iwal ti sanggup ngahijikeun Sanghyang jeung
Dangiang!” Baladewa keukeuh kana parentahna.
“Simpen heula
pakarangna!” Kresna ngawitan bingung, kudu kumaha ngahareupan tuang raka the.
Rek lumpat kamana, geus teu aya harepan jeung kasempetan. Akhirna
“Kakang ampun Kakang”
Kresna menta panghampura ka Baladewa.
“Janji heula anjeun rek
sanggup ngahijikeun Sanghyang jeung Dangiang?”
Di tempat sejen, lain
deui kaayaanna.
Kacaritakeun di
Jonggaring Salaka Kadewaan Hyang Otopati Jagatnata, teu kirang-kirang reuwasna
sareng hariwangna ngabandungan kalakuandua putra Basudewa.
“Eta dasar Baladewa kalakuan
the, bakal kumaha jadina, saupami Baladewa ngalaksanakeun niatna, padahal tugas
Kresna the sakitu lobana, diantarana jadi saksi perang Bharata Yuda jaga.”
Ti kajauhan katingali,
aya jalma nu datang bari celak-celuk.
“Adi Guru…..Adi
Guru…..” Sidik Hyang Narada kabayan Dewa.
“Bagea kakang” Hyang
Guru naros kanu datang.
“Moal panjang lebar
bebeja naon nu kedah dilakukeun ku akang ayeuna?” cenah bari haruhah-harehoh
sanajan cape-eun.
“Guera-geura indit ka
Marcapada, bilih kaburu duana ilang wiwahna. Emut di Kresna aya Cakra dina
kadeseh nu piraku teu sami nekadna. Upami dugi ka kitu bisa jadi dunya bakal
kiamat.”
“Nya eta nu mawi akang
rurusuhan nepangan the.” Langsung menta widi ngajalankeun tugas, salaku kubayan
dewa.
Naon nu dipikahariwang
ku batar Guru sareng Narada the hamper kawujud, kadua-duana erek ngaluarkeun
kasaktian. Aya hiji kasaktianna nyaeta Panah Cakra Wijaksana, sakalina
dipentangkeun bisa ngancurkeun alam dunya malah alam Kadewataan bisa rata
sanajan rusak.
Kresna the jadi kalah
ambek ningali amurkana Baladewa teu bisa nahan amarahna. Naming Baladewa gede
kecewana sanajan boga dulur anu gableg adi gelar Batara dititah ngahijikeun
Sanghyang jeung Dangiang wae oge teu bisaeun. Ka alam dunya geus paroek,
kareueung, ngan aya caang pikaserabeun tina kasaktian, ti burinyay jiga kilat.
Kabeneran ti kaayaan
kitu datang Panji narada utusan ku Batara Guru.
“Nanaonan Narayuka –
Narayaka!” saurna buru-buru lumangsur ti langit abong kasauran dewa. Dua baraya
eta jadi eling kana amarahna Narada.
Panji Narada
ngajelaskeun.
“Sanghyang jeung
Dangiang memang dihaja dipisahkeun. Lamun ngahiji mah perang Bharatayudha the
moal jadi. Da apan gara-gara aya Dangiang Dorna Kurawa ngarasa wani ka para
Pandawa.
Mun perang Bharatayudha
nepi ka teu jadi, lian ti harkat dewa bakal rusak,kagorengan bakal leuwih
langgeng ngawasa alam dunya, apan kaleresan akhirna perang Bharatyudha the,
alam dunya sahenteuna jadi aman!”
Kadua dulur eta teu
ngawaler, ngan nunduk bae, anjeunna saladar deui.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar